Bade ngawitan ku nyuhunkeun dihapunteun ka kasadayana kalepatan sim kuring ka raka raka sareng ka wargi wargi, kumargi sim kuring teu tiasa wangsul dina waktos boboran siam kamari

sapertos anu tos di wartoskeun sateuacanna, sim kuring teu tiasa ngempel di Bandung, kumargi padamelan nuju se'eur pisan, gaduh eta ge remote control (assisten) tapi teu acan tiasa di leupas margi enggal keneh nembe di dongkapkeun ti Jakarta (2 Minggu sateuacan lebaran) janteun teu acan tiasa ngahandle sagala permasalahan
Muhun lepat abdi ieu teh ngawartosan tos meser tiket ping 30 September 2008, da manawi teh tiasa wangsul, da tos diniatan bade boboran di Bandung tos meser tiket 2 sasih sateuacanana...
nanging geuning kaayaan nu teu tiasa dirobih padamelan malih tambih se'eur nyedek waktu lebaran teh geuning, telkomsel jiga nu kasurupan hoyong upgrade tower sa kalimantan timur da bade mayunan lebaran sieun overload...( tos di upgrade ge geuning sami we over load he..he..he..)
ari maksakeun anjeun bade wangsul bilih kumaha onam padamelan, da di heunteu heunteu sim kuring teh peryogi keneh padamelan... komo ayeuna mah rada beurat kenging tanggung jawab langkung ageung dakedah nyempeng sa region kalimantan...
padahal di kantor pusat Jakarta teh se'eur keneh nu aranom sareng sarjana nu saleresna tiasa nyepeng region Kalimantan, ku kituna panginteun abdi teh dipercanteun keneh ku kantor pusat, sareng kaleresan mung abdi wungkul nu nyepeng region sanes sarjana di perusahaan nu sa ageung DHL ....Alhamdulillah Wa'syukurillah...
ieu oge nuju diusulkeun ngalih ka surabaya ku dunungan, da dipiwarang nyepeng Indonesia Timur Region(Sulawesi, Bali, Irian Jaya) mugia we atuh Country Director teh ngijinan abdi ngalih ka Surabaya, pan upami tos di Surabaya mah abdi tiasa uwih paling henteu 2 minggu sakali ka bandung nganggo kareta api...
ieu teh boboran kadua abdi teu tiasa wangsul, oge ulang tahun ka dua teu tiasa kempel sareng keluarga, tapi mudahan we kapayunan mah insyAllah ngempel sakeluarga...
sim kuring sanes riweuh ku orok anyar di dieu teh, da ayeuna mah tos sepuh atuh... insyAllah tos sadar sa alit sareng alim we nambihan masalah..he..he..he
mani resep ngadangu dongeng kempel lebaran di bandung, dugi ka aya nu titotog turun tina taksi sagala... ati ati atuh wa tong diburu buru ku napsu janteun we ti totog...
mung tina dongeng nu aya, naha asa teu kadangu dongeng Eyang Ino? Ari W9 teu kempel mah da tos dimaklum ku sim kuring...
abdi teh teu tiasa wangsul kaping 10 ayeuna da kaleresan eta assisten teh kedah ka makasar (padahal karek gawe 2 minggu..dasar koplok) aya lerekeuneun keluargana...
atuh di undur dugi ka akhir sasih ieu sareng kaleresan aya hajatan sunatan alo B10 di Bandung kaping 1 November, insyAllah cuti dugi ka ping 9 November...
tah kitu we dongeng sim kuring ti leuweung, salam baktos ka sadayana...
pokokna mah ILOPYU BEIBEH...